*KFC vs UDIN...*
Udin: Halow kaΓ©psi?
KFC: Iya, ada yang bisa dibantu?
Udin: Hayamna aya?
KFC: Oya, ada...
Udin: Adukeun yu, jeung hayam urang?
KFC: ... (Telepon ditutup)
*Telepon Ka-2*
Udin: Halow kaΓ©psi?
KFC: Iya...
Udin: Delivery order?
KFC: Betul...
Udin: Dua puluh opat jam?
KFC: Iya...
Udin: Ooooh... kuatan teu sarΓ© euy!
KFC: Hadeeuuuh...
*Telepon Ka-3*
Udin: Halow kaΓ©psi?
KFC: Iya...
Udin: Hayam aya?
KFC: Ada.
Udin: Sangu?
KFC: Ada.
Udin: Burger?
KFC: Adaaa...
Udin: Γskrim?
KFC: Adaaa, komplit! (Petugas mulai ngadat)
Udin: Geuning kumplit kΓ©nΓ©h? Teu payu nyaaa?
KFC: ... (Telepon ditutup)
*Telepon Ka-4*
Udin: KaΓ©psi?
KFC: ManΓ©h deui? RΓ©k naon siah?
Udin: RΓ©k pesen atuh, nya geus moal jadi wΓ© ah...
KFC: Oh iya, mau pesan apa?
Udin: KarΓ©dok hiji, bajigur hiji...
KFC: Naaa ari manΓ©h (Gubrag! Telepon dibanting)
*Telepon Ka-5*
Udin: Halow kaΓ©psi?
KFC: Pasti manΓ©h deui? RΓ©k naon deui sia tΓ©h?? (Bari ngagorowok dina tlp).
Udin: RΓ©k pesen hayam!
KFC: Oh, iya sok... apa lagi?
Udin: Jeung sangu hiji, tapi pisahkeun nya, tong dihijikeun... bisi dipacokan sanguna.
KFC: Woooooiiii! (Telepon ditutup... deui).
https://www.facebook.com/groups/462774700582136/
Featured Post
Saturday, December 24, 2016
Humor Dewasa
No comments:
Post a Comment